Munggaran tepang di pudunan Jayagiri
rindag socana seseleket kana ati
Antukna kenal di tanjakan Jayagiri
anteng di tungtun rasa ku alim dikantun
Munggaran patepang langit bengras caang
dina hate ligar jutaan kembang
Arek kumadatang abong-abong tresna
lamun bakal teu nyaho di mangsa
Ngan kuring hariwang alah balang siang
sieun kuring anu ambon sorangan
rasa dina hate boa-boa engke
dibales ku hare-hare
Sukur-sukur gening jauh ti panyana
nya kabukti nepikeun ka kiwari
manehna satia mawa cinta nu sajati